Jawa Barat Dan Bahasa Sunda


Wilujeng Sumping

Localized version screenshotWordPress téh mangrupi platforma pamedal semantis pribadi anu jembar tur linuhung, anu nyimpen perhatosan kana kamonésan, kabakuan wéb, kalih kamangpaatan. WordPress miwatek haratis sakaligus mibanda ajén anu heunteu aya papadana.

Cindekna, WordPress nyaéta anu diperyogikeun anjeun nalika anjeun seja midamel padamelan ngeblog, moal ngahésékeun.

Nembé ngamimitian ngeblog? Sumangga tepangan panglawungan rojongan WordPress basa Indonésia.

Unjalan

Rilisan ajeg WordPress anu pangahirna sayogi dina dua wanda anu tiasa anjeun unjal tina tombol panumbu anu nembrak di palih tengen anjeun. Anjeun ogé tiasa maluruh wanda séjén atanapi vérsi anu langkung lawas. Upami kagungan maksad nyobian vérsi henteu ajeg, sumangga anjogan kaca Vérsi Beta & RC.

Di handap ieu minangka pituduh singget nginstalkeun WordPress. Kanggo mikaweruh tatacara anu langkung jembar, sumangga buka kaca ieu. Upami anjeun parantos kagungan instalan WordPress sarta palay ngadeudeulkeun basa Sunda tanpa kedah ngunjal ieu vérsi (lokal), anjeun tiasa nguningaan catetan WordPress Maké Basa Kuring. Mun anjeun aya maksud ngaronjatkeun instalan WordPress kana vérsi anu langkung énggal, anjeun tiasa ngilo catetan Ngaronjatkeun Instalan WordPress.

Unjal WordPress 2.8.5.zip — 2.5 MB Unjal .tar.gz — 2.2 MB

Pilihan unjalan nu sanés
Sumberdaya

Kanggo pitulung dina nginstalkeun atanapi nganggo WordPress, sumangga tingal dokuméntasi kuring dina basa anjeun.

Pituduh Nginstal

  • Bahékeun (unzip) gémbolan WordPress Sunda nu meunang ngundeur. Hasilna baris ngajirim map wordpress kalawan map-map anak sarta berkas-berkas di jerona.
  • Ciptakeun databés pikeun WordPress dina juruladén wéb anjeun sarta pamaké MySQL anu mibanda wewenang aksés jeung ngalakukeun parobahan kana éta databés.
  • Buka berkas wp-config-sample.php maké pangropéa téksu, laju eusian ku inpormasi sambungan databés anjeun.
  • Teundeun éta berkas jadi wp-config.php.
  • Unggahkeun kabéh berkas kalawan teu ngilukeun map indungna (wordpress) kana juruladén wéb anjeun; bisa kana diréktori akar domaina atawa kana subdiréktori nu husus dijieun ku anjeun.
  • Buka alamat http://"ngarandomain"/wp-admin/install.phphttp://"ngarandomain/diréktorihusus"/wp-admin/install.php mun anjeun ngunggahkeuna kana subdiréktori nu husus dijieun ku anjeun. maké panyaba internét mun anjeun ngunggahkeun berkasna kana diréktori akar domain, atawa
  • Tuturkeun skrip instalan satuluyna nu baris ngajugjugkeun anjeun ka kaca asup log. Kahadé catetkeun sandikecap nu husus dibikeun ka anjeun dina ieu prosés instalasi. Leuwih Jembar »

Blog

WordPress 2.8.5, Nyampurnakeun Kaamanan

21 Oktober 2009

Pada maphum, bulan-bulan katompérnakeun ieu, kuring saparakanca keur soson-soson migawé rarangkén-rarangkén anyar pikeun vérsi 2.9, sarta satékah polah keur nyieun tarékah sangkan WordPress salawasna mibanda kaamanan anu leuwih tohaga. Dina ieu proses, aya sawatara parobahan kaamanan penting anu geus kapigawé tur nurutkeun kuring saréréa kacida hadéna saupama dicumponkeun kana dahan vérsi 2.8.

Kiwarian penting dina ieu […]

WordPress 2.8.2

22 Juli 2009

WordPress 2.8.2 ngalereskeun vulnerabilitas XSS (babari kakeunaan panyakit -naon ongkoh basa Sundana?). URL juru kintun pairan henteu leres-leres walagri nalika dipintonkeun dina kaca admin. Ieu hal tiasa nerekab, éh, maksad téh népaan, geusan nungtun Sadérék ngajak kaluar tina kaca admin kana situs sanés. Sumangga unjal vérsi 2.8.2 atanapi ronjatkeun otomatis ngalangkungan pidangan Pakakas dina kaca […]

WordPress 2.8.1

12 Juli 2009

WordPress 2.8.1 ngabebenah loba hama sarta mageuhan tulak kaamanan pikeun kaca admin plugin. Talatah ti Core Serurity Technologies yén kaca admin anu ditambahkeun ku sawatara plugin téh bisa ditoong ku pamaké deungeun anu ngalantarankeun informasina bisa dirogahala. Mémang henteu sakumna plugin kakeunaan ku ieu panyakit. Pon kitu, pikeun kapentingan kaamanan, kuring saparakanca nyarankeun sangkan anjeun […]

WordPress 2.8

12 Juni 2009

“WordPress 2.8 parantos sayogi! Sumangga kiwarikeun ayeuna.” Upami Sadérék nangenan éta pesen singget di luhur kaca admin WordPress Sadérék, sok padahal Sadérék parantos ngaronjatkeun kalayan otomatis tina vérsi sateuacanna, hartosna Sadérék ngaronjatkeunnana sasarengan reujeung waktosna rilisan awal ieu vérsi. Éta pesen baris ilang saupami Sadérék ngaronjatkeun ulang sacara otomatis nganggo beundeulan rilisan anu ayeuna. Ieu […]

Pamaluruhan Diréktori Plugin nu Mingkin Hadé

19 Pébruari 2009

Mdawafe, tanggal 19 Pebruari ieu, geus nguarkeun di blog WordPress.org ngeunaan pamaluruhan Diréktori Plugin nu anyar jeung ngaronjat. Salahsahiji pasualan tumali jeung pamaluruhan diréktori plugin nyaéta ngeunaan hasil pamaluruhanna nu kurang nyugemakeun atawa, ceuk basa nu nulis blog mah, pikagetireun jeung pikasebeleun. Tapi, kiwari mah ieu hal téh henteu tumiba deui.

Kiwari WordPress geus ngagunakeun […]

WordPress 2.7.1

12 Pébruari 2009

WordPress 2.7.1, minangka rilisan pamulasaraan munggaran WordPress versi 2.7, parantos sayogi. Anjeun tiasa ngiwarikeun instalan WordPress anjeun sacara otomatis ngalangkungan pidangan Pakakas > Ronjatkeun dina kaca admin, atanapi unjal langsung epakanana lajeng instalkeun sacara manual.

Kanggo ningal naon waé anu parantos dilereskeun dina ieu vérsi, tiasa diparios dina daptaran list of fixed tickets, seueurna aya 68 […]

Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda

11 Désember 2008

Bulan Juni 2005, Informasi ngeunaan aksara Sunda baku diuarkeun di milis KUSnét (Komunitas Urang Sunda di Internét). Kang Dian Tresna Nugraha ngawanohkeun fonta aksara Sunda maké sét karakter ISO-8859-1 Latin-1. Bulan Juli 2005, fonta aksara Sunda dipidangkeun dina Konférénsi Basa Sunda VIII di Subang, Jawa Barat, ku M. Sasmita. Bulan Januari 2006, Kang Dian ngayakeun […]

WordPress 2.7 “Coltrane”

11 Désember 2008

Pamustunganana, WordPress Vérsi 2.7 nu dianti-anti ti kamari didago-dago ti bareto tur geus jadi bahan paguneman balaréa, kocap jadi sabiwir hiji méh di unggal lelewek jeung wewengkon tempat-tempat jarah di dunya loka, nu nembrak atawa nu nyumput, kiwari geus bisa anjeun unjal. Gémbolan basa Inggrisna dirilis leuwih ti heula tur ti dieu tempat anjeun ngunjal […]

Bakal Rilisan Munggaran WordPress 2.7

1 Désember 2008

Bakal rilisan WordPress 2.7 maké basa Sunda bisa anjeun undeur. Mun anjeun kungsi ngagunakeun pérsi Beta, anjeun bisa ngaronjatkeun sacara otomatis tina pidangan pakakas dina kaca admin anjeun. Pon kitu, lantaran tacan dibéré kamampuh kana pérsi lokal, ronjatan otomatis baris ngagunakeun basa Inggris. Téma bakuna ogé bisa kalindih ku nu anyar, nu maké basa Inggris. […]

Basa Sunda di WordPress.com

17 Nopémber 2008

Sanggeus WordPress.org Sunda midang ti mimiti sawatara bulan ka tukang, kiwari disusul ku dikiwarikeuna basa Sunda di WordPress.com. Najan kaitung leuir kacida, hal ieu jadi kareueus pikeun urang Sunda nu resep ngeblog di WordPress.com. Basa Sunda kaasup basa Daerah nu hirup di Indonesia nu pangmunggaran sadia di WordPress sanggeus aya nu kungsi ngalokalkeun WordPress.org kana […]


Apa yang terjadi apabila halaman wordpress khusus Orang jawa barat berubah jadi seperti di atas…?

Memang tak sedikit orang yang berasal dari jawa barat, penduduk jawa barat saja saya rasa sudah mulai padat, tapi saya rasa tak sedikit juga orang jawa barat yang kurang  mengerti bahasa sunda malah mungkin ada yang tak mengerti sama sekali, bener gak ya…?
Setelah saya membaca isi halaman diatas yang saya peroleh dari http://su.wordpress.org/ saya saja baru sadar bahwa saya minim sekali tentang pemahaman bahasa sunda dan saya rasa kalau halaman wordpress berubah menjadi seperti itu, saya pribadi agak sedikit kebingungan untuk memakainya, dari situ pula saya menyadari bahwa bahasa sunda yang saya pakai sekarang itu sudah mengalami banyak perubahan, contohnya yang paling terasa saya hanya bisa berdialog menggunakan bahasa sunda yang kasar, apabila dengan bahasa yang halus mungkin bisa-bisa saya berdialog seperti balita yang sedang belajar ngomong sama ibunya, sungguh keterlaluan ngaku orang sunda tapi minim pengetahuan tentang budaya sunda.
“Ternyata aku harus banyak belajar tentang kebudayaan dan bahasa  daerahku sendiri, aku tak mau jadi kacang yang lupa akan kulitnya…!!!”

18 Comments

  1. euleuh.. euleuh.. eta meni..
    versi anu enggal ieu teh? janten kedah percanten kanu gaduh wordpress nyaeta kang matt mullenweg teh yen anjeuna ngarojong pisan kana kabudayaan urang sunda, sapertos abdi tea hehehee…
    tos ah, lieur nya basa sunda teh. ngiring bingah ka wordpress wae lah. salam deudeuh sareng nya’ah ka kang matt saparakanca kabayan lah nya sep.. hatur nuhun sateuacana

  2. kalau tampilan wordpress beubah jadi seperti itu bisa kacau-kacau dan kacau mas,soalnya saya nggak ngerti sama sekali,ya kalau bahasa jawa ya no problem.

    salam peace dan KBM

Leave a reply to andipeace Cancel reply